(Emak sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.) Emak Kabayan: Heh! Kabayan, kebluk! Kabayan: Naon sih mak? Isuk-isuk geus adat-adatan! Emak Kabayan: Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil, ngidam Nangka!
17 Contoh Teks Naskah Drama Singkat (komedi, Bahasa Jawa, Persahabatan,Bahasa Sunda, untuk 4,5,6 Orang) By Lingga Erlangga Posted on November 18, 2017. Contoh keempat adalah contoh teks naskah drama tentang bahasa sunda untuk 5 orang. Kabayan Ngala Nangka Drama sunda komedi untuk 5 orang. Naskah Drama Tentang Pendidikan Persahabatan.
Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu puguh! Kabayan: Heueuh mak, sakedeung deui dipangalakeun! Emak Kabayan: Buru! Ayeuna geura mangkat neangan Nangka! Nu kolot nya, Nangkana! Kabayan: (Hudang) Heueuh!
Kuring mangkat ayeuna lah! (Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.) Nyi Ndit: Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?
Kabayan: Henteu Nyai. Nyi Ndit: Ah sia!
Ngaku weh ari rek nyopet mah! Kabayan: Bener Nyai, teu bohong! Nyi Ndit: Demi naon sia, Kabayan? Kabayan: Demi Nyi Iteung, Nyai! Nyi Ndit: Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang!
Urang ka imah Pa RT! Kabayan: Duh, nyai! Lamun bener abdi teh nyopet! Sok mana barang buktina?!
Nyi Ndit: (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat, sia!
Ulah kadieu deui! Kabayan: (Lumpat) Dadah, Nyai! (Kabayan balik ka imahna.
Dipapag ku Emak jeung Iteung.) Iteung: Euleuh, akang! Emak Kabayan: Meunang teu Nangka teh? Kabayan: Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
Iteung: Mana atuh Nangkana, Kang? Kabayan: Hoh?
Can nepi eta Nangka? Emak Kabayan: Hah? Nepi kumaha, Kabayan? Kabayan: Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring!
Geuningan can nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik! Iteung: Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
Emak Kabayan: Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik sorangan! Kabayan: Ihh, si nangka anu teu hideng mah, Mak! Emak Kabayan: Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!